Jumat, 20 April 2012

RUMPAKA KAWIH

GROUP GANDA MEKAR
1. BUBUKA GANDA MEKAR

Ganda mekar ngiring manggung (ngariung)
Ngiring jabung tumalapung
Ngempel ruang ruing
Maksud ilbuiung (ngiring manggung)
Ngiring ngarojong ngajujung

Ganda mekar sad tomada
Seueur kakiranganana
Ngatur seni swara
Lir anu kapaksa
Padahal ajakan jiwa
  (keukeuh peuteukeuh umangkeuh ngeureuyeuh)

Duh abdi tuna
Siga anu humayua
Rek mintonkeun garapan
Dina kabudayaan
Seni Sunda kedah mekar
     (ngolah rinenggaswara-duh…)

Duh seni Sunda (soara)
Mugia pinanggih komara (wibawa)
Mekar seni-swarana
Luhur seni sastrana
Bangsa Sunda ngagem sinar….


2. A L E S A N

( 1 )
Ka kolotna bebja, pajar rek ka sakola
Menta duit eukeur jajan, ditambah keur meuli buku
Runghak renghik lelewa, mimitina ka apa
Sanggeus hasil los ka dapur, ngurihit deui ka Ibu
Duit nampa loba lain ka sakola
Lain meuli buku, tapi ngadu kartu

( 2 )
Ari rajeun di kelas, panon caleuy teu bengras
Kulat-kelet bari heureuy, sakapeung lenggut nundutan
Pareng mikir sok heuay, ulat lesu jeung nahnay
Lamun pareng kagiliran, calangap taya soraan
Mun guru ningali, sidakep tarapti
Ngadakom jeung manyun, horeng keur ngalamun

Ž( 3 )
Ka Pa Guru nyuratan, pajar aya wagelan
Repot udur panas tiris, rieut jangar nyanyautan
Dua dinten teu neda, dua dinten tunggara
Dua dinten henteu mandi,
ngaringkuk haharegungan
Baturna ngalabring, ngalayad nu gering
Nu gering teu nyampak, eukeur curak-curak

( 4 )
Ka kolotna bebeja, resep seni soara
Hayang bisa ngawih maher, jadi pasinden harepan
Unggal minggu latihan, mekel duit keur jajan
Menta duit ka kolotna, pajar keur ongkos latihan
Pajarkeun latihan, ranggem ku catetan
Lain kana seni, tapi ka matinee



3. A N G I N
Wahyu Wibisana
Ka mana angin ka mana
Ka gunung nyukcruk wahangan
Ka bubulak pasawahan
Ka paminggir padukuhan

Ti mana angin ti mana
Ti tonggoh ti pagunungan
Ti lebak ti padataran
Ti paminggir ti padesan

Ka mana angin ka mana
Ka kuring ngajak ngumbara
Ngumbara saba buana

Ti mana angin ti mana
Ti kuring langlang buana
Nu hayang wawuh jeung dunya

Bandung, 20 Desember 1960




4. ASIH  MUNGGARAN
Agus Sur
Duh, asih munggaran, asih munggaran geuning lekasan
Duh, geuning lekasan

Pasini tepung di gunung
Saksina restu ti indung
Teu sangka keuna ku tungtung
Jungjunan keuna ku tungtung

Duh asih geus leungit, ati jumerit
Duh, ati jumerit

Mun bulan tepung purnama
Di gunung kantun cimata
Nu geulis cidra jangjina
Jungjunan cidra cintana

Endahna asih munggaran, asih munggaran, geus lekasan!
Duh, Eulis, asih munggaran, geuning lekasan, pileuleuyan

Bandung, 1 Agustus 1963
3 September 1963






5. BAJU  HEJO

( 1 )Œ
Teu loba paningkah
Teu loba kasenggah
Leumpang gagah dangah
Kana perang tabah
Eee.. maju bertempur,
cadu rek mundur
Ikhlas rela, jadi mangsa
Tuh! Tentara kita

Ngemban tugas, disiplin katentaraan
Teu galider sanajan loba godaan
Bertempur di gunung, bertugas di desa
Istirahat, los ka kota, mamayu kana hiburan

Baju hejo, baju hejo
Operasi, nyalaksrak di gunung-gunung
Baju hejo, baju hejo
Mun kongang mah, tugas teh mending di Bandung

Baju hejo, baju hejo
Pundah pindah parentah ti saluhureun
Baju hejo, baju hejo
Kulawarga sakapeung dipopohokeun

( 2 )
Piliheun panganggo
Moal kabobodo
Moal tereh bobo
Mending baju hejo
Eee.. tahan ku hujan
Jeung kapansan
Rada kotor, rada logor
Tuh! Pesuruh kantor

Rebun-rebun di kantor ngepel harerang
Tutup kantor geus elat kakara mulang
Kuncar kencir cerdas ngajalankeun tugas
Mun dununan boga dosa, sakapeung sok meungpeun carang
Baju hejo, baju hejo
Asih pangemat kanu miwarang
Baju hejo, baju hejo
Cape gawe upahna tara saimbang

Baju hejo, baju hejo
Kumawula tawekal pikabungaheun
Baju hejo, baju hejo
Tugas pripe sakapeung kana dineskeun

( 3 )Ž
Batik rereng Tasik
Angkat larak lirik
Keupat apik telik
Sakapeung nyaliksik
Eee.. panata istri
Sok narik birahi
Gejed milo, baju hejo
Leuh! Panarik sono

Jalan-jalan ngalantung kamalinaan
Minyak wangi meleber angin-anginan
Mintelkeun salempay, karembong gugupay
Beubeur stagen tarik teuing, ngambekan engap-engapan

Baju hejo, baju hejo
Mun di kebon pahili jeung dangdaunan
Baju hejo, baju hejo
Anteb leleb diteuteup tambah sinaran

Baju hejo, baju hejo
Narik asih, jajaka kabungbulengan
Baju hejo, baju hejo
Selop jengke ngalengkah ungkleuk-ungkleukan

( 4 )
Turni ka padesan
Turni ka kontrakan
Moal kalaparan
Mekel katuangan
Eee.. ngadongdon kebon
Kadalon-dalon
Turni tebih meh sasasih
Leuh! Teu mulih-mulih

Baju hejo dianggo khusus keur turni
Ka kontrakan, padesan jeung kanu suni
Teteken diayun, haseup pipah ngelun
Pantalon dril tos dipotong, ngagober tambih panyari

Baju hejo, baju hejo
Sangkan payus ditambih nganggo helemhut
Baju hejo, baju hejo
Nu di bumi dikantun bati camerut

Baju hejo, baju hejo
Object-object ditinjau memakan waktu
Baju hejo, baju hejo
Kagok lengkah, sapoe jadi saminggu

Bandung, 20 Agustus 1959



6. B A T I K

Œ
( 1 )
AS: Samping batik ngandung wanda
       Sinarna teu suda-suda
       Dikampung-kampung di kota
       Nambah komara wanita

RS: Sieup diteuteup mojang kiwari
       Ringsig ditilik kawanti-wanti
       Lamban ngandung pellet
       Batik “Rereng Bayonet”
       “Gejed Milo”


( 2 )
AS: Robah jaman ngarekahan
Jadi mode kalakonan
Sawarnaning papakean
Tulis bbatik ditumpalan

RS: lucu dangdosan sariak layung
Istri keur calik dina bangbarung
Nganggo “heskut” Batik
Kajeun kaput tibalik
Legeg “Pilmster” diulik
Tambah lucu

Ž
( 3 )
AS: Samping Batik babar sawir
Sarina moal rek leungit
Erok Batik ka sakola
Jorelat nambah cahaya
RS: Keur panas poe ereng-erengan
Ngatur dangdosan keur papanasan
Rok batik sacewir
Tonggong leungeun buligir
Kapanasan rada nyengir
Usum Batik

( 4 )
AS: Batik dijieun kameja
Endahna kabina-bina
…. dina dasi
……………………………….

RS: Sagala Batik ceuyah di kota
Sumanget batik dimana-mana
Kimono ku Batik
Badeostuum tina Batik
Kulit sapatu ku batik
Kabeh Batik


( 5 )
AS: Batik teu kateler-teler
Kiwari jadi popular
Teu wungkul di Indonesia
Tapi sakulia dunya

RS: Kameja “koboy” aya baturna
Kameja Batik masieup kota

Piyama ku Batik
Sarung angel ku Batik
Jubah jeung gardeng ku Batik
Kabeh Batik
( 6 )
AS: Batik corak nasional
Hargana teu pati mahal
Usahana pantang gagal
Kiwari Internasional

RS: Batik nu narik kluaran Tasik
Batik num anis buatan Ciamis
Batik los ngumbara
Ngajleng ka Amerika
Ngambah sakuliah dunya
Tatalepa

( 7 )
AS: Midang ginding make Batik
Henteu ngan wungkul di Tasik
Tapi meh di unggal kota
Pakean sagala bangsa

RS: Jawa hokokai dijieun kaway
Batik jalaprang keur kaos sangsang
Sinjang jadi kutang
Tiga Negri keur dasi
Rreng Bayonet keurjeket
Usum Batik

7. B U D I

Œ( 1 )
Jaman silo katingal nu sabalikna
Anu goreng, siga hade katingalna
Anu silung, genah halon kareungeuna
Anu salah jadi bener karasana

Hareudang bayeungyang, hareudang, bayeungyang
Hareudang, merang bayeungyang
Reugreug pageuh
Tong ginding ku meunang maling
Tong seubeuh ladang macikeuh

Harerang nyongcolang, harerang, nyongcolang
Harerang, nenggang nyongcolang
Tandang gandang
Tong nyengir ku lading sihir
Tong ogoan modal jawatan

( 2 )
    Embung ngaler, tapi ngaler pangajakna
      Embung goreng, tapi goreng pangajakna
Hayang rapih, bet patelak pangajakna
Ngasah budi, kurang pisan digarapna

Capetang-pertentang, capetang-pertentang
Capetang-ngoncrang pertentang
Linyok, bohong
Tong jangji nu tanpa bukti
             Tong ngomong bari jeung bohong


Hohoang-ngacacang, hohoang-ngacacang
Hohoang, nangtang ngacacang
Teuneung, ludeung
Tong tandang keur gede hutang
Tong agul bari jeung dugul

Ž( 3 )
Pareng beunghar, ngan ukur beunghar ngaranna
Pareng pinter, ngan ukur pinter rasana
Pareng luhur, ngan ukur luhur rasana
Sawajibna ngasah budi jeung dayana

Rariweuh-paciweuh, rariweuh-paciweuh
Rariweuh-nikreuh paciweuh
Sedih, peurih
Teu ngakal moal ngakeul
Teu ngopek moal rek nyapek

Laluis-pabuis, laluis-pabuis
Laluis-manis pabuis
Idek, liher
Teu beger, moal nyelewer
Teu lanjung, moal rek nyandung

( 4 )
Kabeungharan, kaluhuran jeung pangarti
Dimumule bari teu jeung ngasah budi
Perjuangan pinasti moal mangpaat
Kadudukan mindeng dipake hianat

          Tisusut-tidungdung, tisusut-tidungdung
Tisusut-husu tidungdung

Rukun, junun
Teu bageur, moal rek cageur
Teu keying, moal rek pareng

Bengbatan-elodan, bengbatan-elodan
Bengbatan-bahan elodan
Titi, surti
Teu ngajak, moal diwedak
Teu ogoan, moal kumisan


8. BULAN  BANDUNG  PANINEUNGAN
Wahyu Wibisana

( 1 )
Mun sareupna geus mimiti katembong nyimbutan Bandung
Angin Lembang turun laun – ngabubuhan
Langit mayung – Bulan beukah
Mangkat hiji lagu, kedaling katineung ati – deudeuh…

Mun kareta pangakhirna geus anjog ka kota Bandung
Sinyal beureum malang deui – ngahalangan
Kota hurung – Bentang mijah
Ngaleu hiji lagu, kedaling kasmaran pikir – aduh…

Harewos peuring marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung – nyaangan
Ngagentenan paneuteupna – pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya Eulis…

Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit bandung – nyaksian
Wawakil ti pameunteuna – panineungan
“Kembang mawar angger beureum, nya Eulis…

( 2 ) 
Mun radio geus karungu nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora anca halon – pileuleuyan
Peuting cicing – Kota jempling
Jerit hiji lagu, kedaling kakeueung hate – deudeuh

Mun balebat gagatrina geus hibar wetaneun Bandung
Anggin nonggoh lalaunan – muru Lembang
Bulan suruo – Langit Biru
Tamat hiji lagu, harepan tembong ngalangkang – aduh


Bandung, 15 September 1960






9. BULAN DAGOAN

Œ( 1 )
Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan!
Tepikeun raga katineung
Pangbejakeun kuring wuyung
Keur bingung puyang-payengan

Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan!
Tepikeun raga katineung
Pangbejakeun kuring wuyung
Keur bingung puyang-payengan

Da manehna tangtu melong
Peuting ieu keur ngabungbang
Bulan,.. bulan,.. kuring dagoan
Tepikeun raga katineung

( 2 )
Bulan,…. Bulan,… kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Keset rebab anu jentre
Mirig lumengisna hate

Bulan,…. Bulan,… kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Keset rebab anu jentre
Mirig lumengisna hate

Bongan kuring ditinggalkeun
Disepikeun ngan sorangan
Bulan…… Bulan! Kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu

( 3 )
ŽBulan,…. Bulan,… kuring dagoan
Ulah buru-buru mulang
Ieu kuring cuang cieung
Ka saha kuring midangdam

Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan
Ulah buru-buru mulang
Ieu kuring cuang cieung
Ka saha kuring midangdam


Lamun anjeun rusuh pundung
Bulan ulah waka mulang
Bulan,…. Bulan!.. kuring dagoan
Ulah buru-buru mulang






10. C A R I N G C I N G

( 1 )
ŒAwas kana gogoda, bahaya ngancam nagara
Cing! Masing caringcing
Paheuhan kacing beurang jeung peuting
Jung indit ka panggung
Ngomean tangtung jadi papayung
Na saliring dumadi jeung ati-ati
Sadar boga nagara, Indonesia
Beurang peuting… caringcing (masing caringcing)
Awas! Siap! Gerak! Hey!
Riweuh kanceuh teu reureuh
Macikeuh euweuh kaseubeuh
Yeuh! Ulah umangkeuh
Pedah keur seubeuh, ireug talingeuh
Hoyah! Ulah sarakah
Saparipolah rucah awuntah

( 2 )
Meugeus ulah rek reueus, mending ge iceus rancingeus
Cing! Masing caringcing
Pageuhan kancing, beurang jeung peuting
Jleg! Nangtung sing ajeg
Pikiran panceg entong hareneg
Tata titi nastiti surti taliti
Nutur galur nu jujur ngukur ka jujur
Beurang peuting… caringcing (masingcaringcing)
Awas! Siap! Gerak! Hey!
Hudang gandang pertentang
Tatandang miang berjuang
Prak! Geura buburak
Sakur nu barontak dupak sasaak
Prung! Geura sagulung
Pangjurung indung

Ž( 3 )
Tekad ucap diraksa, saparipolah iatna
Cing! Masing caringcing
Pageuhan kancing beurang jeung peuting
Jig! Geura ngagedig
Omean ingkig hate sing gilik
Tata tincak waspada rampak ngajaga
Bakti mupusti nagri ngabi ngahiji
Beurang peuting… caringcing (masing caringcing)
Awas! Siap! Gerak! Hey!
Abong betah guligah milampah hojah ngarinah
Tuh! Tulung nu butuh
Pinuh kaewuh, ripuh rumahuh
Tah! Tulung nu susah
Payah sumeuhah nyiar kipayah

( 4 )
Ulah genah bumetah, umangkeuh lampah balangah
Cing! Masing caringcing
Pageuhan kancing beurang jeung peuting
Breng! Ningkat sing bareng
Entong ngahuleng paheneng-heneng
Sadar nyasar motekar jembar panalar
Meuseuh nikreuh ngeureuyeuh
Seukeut pangjeujeuh
Beurang peuting… caringcing (masing caringcing)
Awas! Siap! Gerak! Hey!
Khusus luyu satuhu, ngawuwuh elmu panemu
Pek! Sing daek ngoprek
Jeung tetelepek ulah rek norek
Pok! Ngomong tong kagok
Pacuan linyok bari popoyok
Bandung 12 Mei 1962



11. CARITA  PEUTING TADI
Wahyu Wibisana

Langit leubeut ku bentang
Hate eunteung jungjunan

Kiceup lindeuk kapiati
Widuri soca wiati (soca wiati)
Duh, agungna jangji uran
Urang teang babarengan (yu babarengan)

Malati keur ligar dua
Putih ati jungjunan

Dalingding tongkeng ti peuting
Kembang goyang tingarulang (pating arulang)
Duh, wangina jangji urang
Urang teang babarengan (yu babarengan)

Langit lebet ku bentang
Lalakon loba rek datang
Malati keur ligar dua
Pasini urang nu boga


Bandung, 8 Desember 




12. DASI  HIDEUNG
Rona Walio
( 1 )
ŒDeuh… kewes pantes dasi hideung
Dianggo resepsi, ngahudang panyari
Eee… dasi malang meulit beuheung
Pasieup diulik, kumis nu ngajentrik
Dasi hideung – Dasi hideung
Kakesangan moal buru-buru layu
Nawar beca rumpu rampa
Dasi hideung diasupkeun kana saku

( 2 )
Deuh… sederhana dasi hideung
Kamejana bodas, katembongna nyacas
Eee… dasi panambah kaludeung
Campur jeung nu gandang, ngobrol jeung nu lenjang
Dasi hideung – Dasi hideung
Mun hareudang, dilaan di tempat suni
Dinu rame, moal hese
Gura giru dasina dipasang deui

( 3 )
ŽDeuh… tandang gandang dasi hideung
Mun make bedahan, tambah komaraan
Eee… dasi pangemat katineung
Sok pikalucueun, matak deungdeuleueun
Dasi hideung – Dasi hideung
Moal kotor, sanajan mangtaun-taun
Teu diseuseuh, tetep weuteuh
Harga murah, salawasna anti sabun

( 4 )
Deuh… payus lucu dasi hideung
Dina kaondangan, dina kasenian
Eee… dasi panjang numpang beuteung
Kamejana hejo, moho anu nenjo
Dasi hideung – Dasi hideung
Dasi panjag cangreudna gampang molonyon
Mun keur kaweur leungit beubeur
Dasi hideung, dipake meungkeut pantalon

Bandung, 6 Oktober 1959






13. DEWI  SRI
Agus Sur
Bul kukus mayungan tangtung
Kuwung kuwung mulas layung
Bul kukus sari pohaci
Wangi menyan dina ati

Dewi Sri mangka lumungsur
Dewi Sri tumut tumutur

Geura lungsur Dewi Sri ka marcapada
Nama aya jungjunan hirup manusa
Panghegarkeun laguna dina kabagjan
Pangtingtrimkeun renghapna tina tunggara

Tuh langit dataran pajar
Ibun leyur pucuk janur
Tuh gunung biru gumelar
Tempat patani cumatur

Dewi Sri mangka lumungsur
Dewi Sri tumut tumutur

Pangnyinglarkeun lalangse sewu harepan
Pangnuduhkeun ka kula jalan utama
Ngarah cenghar jungjunan hirup sakumna
Ngarah lana jungjunan ayana cinta

Ambu Dewi, Ambu Dewi
Hiap ngahiji na ati
Ambu Dewi, Ambu Dewi
Baeu ligarkeun wawangi
20-2-68/24-3-62



14. DUH  WAAS

ŒMatak waas matak kelar
Gunung-gunung parentul ngajajar
Ngadak-ngadak karasa beunghar
Cai cur-cor tambah betah – sawah ngemplang
Anteb leleb mun disawang
Isuk-isuk Patani pucunghul
Haget ngagem tugas – gecruk macul

Duh waas Parahyangan
Hejo lemok tur endah resmi
Duh waas Parahyangan
Gemah ripah loh jinawi

Bapa Tani disawah
Luak-lieuk bongan sok digadabah
Dorhos jeung duruk imah
Sok tartertor ti peuting
Urang lembur caringcing
Tas bubuntel, lalumpatan nguriling

Duh waas Parahyangan
Hejo lemok tur endah resmi
Duh waas Parahyangan
Gemah ripah loh jinawi

Matak reugreug pamandangan
Beunghar kawentar Parahyangan
Sandang pangan mo kakurangan
Ngeusian kamerdekaan – pada hayang
Tapi entong sumoreang
Purat-perot enggoning usaha
Bongan unggal waktu – sok tar ter tor

Duh waas Parahyangan
Hejo lemok tur endah resmi
Duh waas Parahyangan
Gemah ripah loh jinawi

Bapa Tani keur macul
Bapa Guru getol ngajar ngadekul
Ngeusian kamerdekaan
Bapa Lurah di desa
Tukang daging usaha
Temen wekel – Mun dibarengan aman

Duh waas Parahyangan
Hejo lemok tur endah resmi
Duh waas Parahyangan
Gemah ripah loh jinawi

ŽMoal mamur wawarehan
Anu senang makmak-mekmek pisan
Anu miskin kakered pisan
Nu hirup abur-aburan – teu karuhan
Indonesia pembangunan
Lain kabeh jadi “milioner”
Asal anu miskin rada nyenghap

Duh waas teu boga hutang
Roko cumpon teu kudu menta
Duh waas suwung karingrang
Poek mongkleng wani lunta

Teu kabita ku mobil
Teu kabita ku popotongan rimbil
Asal dahareun seubeuh
Teu kabita ku gedong

Teu kabita pangmongmong
Hayang soteh – imah nu rada pageuh

Duh waas taya karingrang
Dahar seubeuh teu kudu nganjuk
Duh waas teu matak leuwang
Towong garong suwung duruk

Henteu hayang resepsi
Teu kabita – dangsa jeung nginum wiski
Hayang teh gotong royong
Teu kabita ku pesta
Dirariung wanita
Hayang soteh – Persatuan sing tembong

Duh waas Parahyangan
Hejo lemok tur endah resmi
Duh waas Parahyangan



Gemah ripah loh jinawi






15. GONDANG  PANGWANGUNAN 1

Œ
Hayu euy, cuang ka lisung
Saikhwan kumpul ngariung
Halu lisung lir pangjurung
Ngawangun nagri agung

Yu, singkil babarengan
Hayu nempuh pangwangunan
Pola natrat tandes nyata
Kari ngawujudkeunana


Hayu euy, rambatirata
Tumplekkeun kabeh tanaga
Karya mojang jeung jajaka
Keur ngawangun semesta

Yu singkil babarengan
Hayu nempuh pangwangunan
Tekad gembleng sauyunan
Sabobot sapihanean

Ž
Hayu euy, tandang berjuang
Ngeusian kamerdekaan
Dina pangwangunan
Ngudag kasampurnaan

Yu, singkil babarengan
Hayu nempuh pangwangunan
Mupuk rasa kamanusan
Malar wujud kaadilan



16. GONDANG  PANGWANGUNAN 2

ŒIndonesia gemah ripah
Pangeusina genah betah
Murah sandang murah pangan
Hasil karya pangwangunan

(eta) seuyang (eta) seuyang
Hayu tatandang bajuang
(eta) seuyang (eta) seuyang
Hayu tatandang bajuang

Bapa tani sugih mukti
Kaum dagang pada senang
Kaum buruh teu rumahuh
Hasil karya pangwangunan

(eta) seuyang (eta) seuyang
Ngawangun sagala widang
(eta) seuyang (eta) seuyang
Ngawangun sagala widang

ŽPamarentah wijaksana
Sabar adil palamarta
Geten titen ka rayatna
Ngagem dasar Pancasila

(eta) seuyang (eta) seuyang
Murah sandang murah pangan
(eta) seuyang (eta) seuyang
Murah sandang murah pangan


17. GOTONG  ROYONG

( 1 )
AS  : Hirup kumbuh make dasar gotong royong
RS  : Gotong royong ulah rek patonggong-tonggong
AS  : Sauyunan reujeung batur silih rojong
RS  : Gotong royong “Persatuan masing tembong”
AS  : Silih sumbang sarta silih sokong
         Paribasa “genteng ulah potong”
RS  : Gotong royong silih dogong (gotong-royong)
         Ngajauhan sipat bedegong

( 2 )
AS  : Hirup kumbuh silih simbeuhan bongbolong
RS  : Gawe sulit ngadadak sok jadi ngemplong
AS  : Terus terang hade jeung goring ku omong
RS  : Terus terang tong campur linyok jeung bohong
AS  : lakon gawe tangtu moal gapeng
         Titih rintih sagala kaerong
RS  : Bedang takabur jeung sombong (omong kosong)
         Osok nungtun patukang-tonggong

( 3 )
AS  : Hirup kumbuh gotong royong rereongan
RS  : Rempug jukung sabobot sapihanean
AS  : Sauyunan jeung batur sabilulungan
RS  : Geugeut layeut sabata jeung sarimbagan
AS  : Silih asih tulung tinulungan
         Eukeur susah jeung lara palangan
RS  : Nyumponan kautamaan (sahaluan)
         Jeung papagon kaagamaan



18. GUPAY  PILEULEUYAN
Wahyu Wibisana

Pucuk awi, Eulis, lir gugupay
Aroyag katebak angin
Pucuk ati, Eulis na salempay
Gugupay tawisning tigin

Kembang eurih, Eulis, lir gugupay
Aroyag kaendag heulang
Kembang asih, Eulis na salempay
Gugupay tilam kamelang

Basa rek jung anjeun jajap
Jalan cagak kudu pisah
Ret katukang sumoreang
Kiceup geugeut jeung gugupay
Pileuleuyan…………

Bandung, 17 Maret 1962






3 Juli 1962








19. HIDUP BARU

Œ
Hidup baru dikabeh lapangan
Sangkan ma’mur babarengan
Nagara urang kabiruyungan
Murah sandang murah pangan

Hisup baru ngurung KASEHATAN
Diajar apik berseka
Unggal waktu taliti nitenan
Kabersihan rumah tangga

Bersih imah buruan
Bersih badan pakean
Hawar seger seueseupan
Sehat badan
Lamun sehat jasmani
Pasti sehat rohani
Lungsur langsar garapan
kamajuan

Hidup baru nyieun kabersihan
Kasehatan dititenan
Sehat badan jeung sehat pikiran
Ngalancarkeun pagawean


Hidup baru dikabeh lapangan
Sangkan ma’mur babarengan
Nagara urang kabiruyungan
Murah sandang murah pangan

Hidup baru nyieun kabiasaan
GOTONG ROYONG sauyunan
Silih sokong keur unggal garapan
Nyampurnakeun pagawean
Jeung nu jauh sing luyu
Jeung tatangga sing loma
Gotong royong sing tembong
sauyunan
Gawe hese beleke
Sual susah jeung payah
Babarengan dirojong
Gotong royong


Hidup baru dasar karukunan
Jeung batur sabilulungan
Campur gaul make kasopanan
Ngawujudkeun persatuan

Ž
Hidup baru dikabeh lapangan
Sangkan ma’mur babarengan
Nagara urang kabiruyungan
Murah sandang murah pangan

Hidup baru ngatur kamajuan
Nohagaan PENDIDIKAN
Rayat nu teu bias nulis-maca
Sina pinter “samarata”

Diajarkeun A-I-E
Moal hese beleke
Sabar leukeun digawe
Pasti lancar
Lamun urang teu telik
Maca Koran tibalik
Perlu meunang pangdidik
Leukeun sabar

Ngatur pemberantasan buta huruf
Nu nyata loba kasanggup
Ra’yat pinter Nagara Wibawa
Tujuan urang nu utama

Hidup baru dikabeh lapangan
Sangkan ma’mur babarengan
Nagara urang kabiruyungan
Murah sandang murah pangan

Hidup baru Pagawe Nagara
Taat kana peraturan
Tata tertib disiplin dijaga
Tanggung jawab babarengan

Waktu ngantor nu tangtu
Digunakeun sing khusu
Peraturan digugu
Teu bengbatan
Kapentingan sorangan
Ulah nyangkut Jawatan
Sangkan pamarentahan
komaraan

Hidup baru keur sakumna buruh
Taat kana kawajiban
Pihak nu wajib tangtu maluruh
Bakal mere panghargaan


Hidup baru dikabeh lapangan
Sangkan ma’mur babarengan
Nagara urang kabiruyungan
Murah sandang murah pangan

Hidup baru saluyu jeung jaman
Rahayat sabilulungan
Pada usaha keur kamajuan
Malar nagri komaraan
Kaamanan di sisi
Perlu raksa taliti
Sangkan jongjon Pa Tani
Ngolah tanah

Bapa Tani marukti
Ayem tengtrem babakti
Hasil panen kaciri
Beas murah

Hidup baru samiuk saati
Ngancurkeun kabeh panghalang
Ra’yat teu pakia-kia
Tanggung jawab pada tangang









20. INDONESIA – NIPPON

Œ( 1 )
Kabiruyungan ngawujud tali mimitran
  Indonesia – Nippon
Sabilulungan tihothat keur pangwanguan
  Nyongsrong tekad rumojong

Ngerab-ngerab Sang Dwi Warna
Indonesia Wibawa
Diauban ku Sang Surya
Nippon samakta tohaga

( 2 )
Kasaluyuan hasil badami pasini
  Indonesia – Nippon
Kabudayaan pulitik jeung ekonomi
  Luyu tembong kaerong

Nu dituju karukunan
Sapamadegan saikhwan
Sabeungkeutan kukuh tandang
Asia santosa berjuang


Bandung, 25 Januari 1961



21. I N D U N G

Œ( 1 )
Duh Indung!, ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Henteu weleh deudeuh mikanyaah asih
Dimongmong jeung dititimang
Duh Indung! Ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngugung-ngugung
Anak dijeieun panutan

( 2 )
Duh Indung!, mun peuring ngajempling nyaring
Mun beurang leuwang hariwang
Keukeuh henteu jongjon ku puputon
Gawe ngahehegar ngalelejar
Duh Indung! Peuting hahariringan nyaring
Lain hariring birahi
Ngeyong mepende puputon
Sieun anak henteu tibra

Ž( 3 )
Duh Indung!, teu weleh ngikintit nyanding
Ngamemenan ngaping anak
Ayem tengtrem, jongjon nya ngamongmong
Gawe miwejang luang piwulang
Duh Indung! Belaan ngamodalan anak
Geusan ngulik nyiar elmu
Boh masantren, boh sakola
Asih sepi tina pamrih

( 4 )
Duh Indung!, taya pangarahan nyaah
Tetes tumitis ing rasa
Teu ngingetkeun cape bubuk ripuh
Dapon anak mulya jeung jatnika
Duh Indung! Kanyaah henteu kalis
Pedah puputon nincak sawawa
Sanajan geus cumarita
Indung teu kendat ngadua

( 5 )
Duh Indung!, teu petot miasih anak
Najan nincak akhir baleq
Najan anak pareng rumah tangga
Indung henteu weleh nya jumungjung
Duh Indung! Teu kendat ngadudua anak
Lamun dagang masing senang
Cekel gawe sing kapake
Lulus mulus panjang-punjung

ALOK:
Duh Indung! Duh Indung!
Timangtiti ngamongmong anak
Duh Indung! Duh Indung!
Teu kendat ngadudu’a


22. I N F L U E N Z A
MA Salmun
Œ( 1 )
Da eta mah influenza
Ari datang sok kapaksa
Jelema titah ngaringkuk
Nahan salesma jeung batuk
Areungap hese ngambekan
Tungtungna ambek-ambekan
Unggal hulu dicarekan
Influenza ……………………

( 2 )
Da etah mah influenza
Rek datang tara bebeja
Teu ngahiding nu rek kilir
Jeung nu ngora rek pelesir
Teu tulus kalah cameot
Humaregung dinu kolot
Nu ngora kari jamotrot
Influenza ……………………

( 3 )Ž
Da eta mah influenza
Mun datang sok salah mangsa
Puguh “darling” geus pasini
Meunang dipupur diponi
Rap dangdan geus make erok
Ayeuna napas ge ngorok
Tinggal ngarengkol ngahekok
Influenza………………………


( 4 )
Da eta mah influenza
Datang teh teu kira-kira
 Sang pagawe rek ka kantor
Kapaksa mengkol ka doktor
Sertipikat tilu poe
Dijieun saminggu wae
Jadi kedul kana gawe
Influenza ……………….


( 5 )
Da eta mah influenza
Sakapeung siga kawasa
Ema-bapa keur pareheng
Masinikeun eusi seeng
‘pi-api bapa keur gering
Ke ema hayang disanding
Anak ronghok teu dihiding
Influenza ……………………….

Bandung, 5 Januari 1962



23. I R I A N

Œ( 1 )
Moal rek sugema sapanjang Irian can asup lingkungan RI Kesatuan
          Irian! Irian!
Pulo nu jadi harepan
Masih ngajadi jajahan
Digenggem ku anu lian
Dijaga ditohagaan
Keukeuh keudeuh ku Walanda dipageuhan
Tetep jinek, teu bebas tina “tuntutan”

( 2 )
Moal kumapalang jadi perjuangan, siasat kaluar ku babadamian
          Irian! Irian!
Jadi medan percaturan
Keur merjuangkeun irian
Keur ngudag hak bebeneran
Taya lian “Persatuan”
Buleud-gembleng, rahayat sabilulungan
Teuneung-ludeung, runtut rukun sauyunan

( 3 )
ŽBari merjuangkeun ngamilik Irian, pacuan rek poho kaayaan Pasundan
          Irian! Pasundan!
Bias aman babarengan
Sopo temen tinemenan
Moal burung tinekanan
Ku senjata persatuan
Reugreug-pageuh, bias mibanda Irian
Ayem-tengtrem, Pasundan pinanggih aman


24. IRIAN  DAYEUH  NU  KULA
Agus Sur

Putri peuntaseun sagara
Gupayna ombak lautan
Putri kiwari keur nganti
Teureuh Nusantara asli

Ayeuna kula geus datang ngabela harga manusa
Ayeuna kula geus datang ngajaga ngusir durjana

Anu kula nagri ieu
Salju sapanjang buana
Anu kula dayeuh ieu
Biru laut jeung langitna

Saha pijalmaeunana nu wani ngaranjah nagri
Pasti ancur sagalana ku putra putri Pertiwi

Putri Salju, Putri Salju, hate kula nu manehna
Putri Salju, Putri Salju, hate kula ti manehna

Urang datang urang mulang di tempat anu sarua
Dayeuh aheng pangancikan Indonesia sawawa

Bandung, 24 Januari 1962



25. ISTRI  TAMPIKAN

Œ( 1 )
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN BESAR
Deuh sagala aya, terhormat jeung beunghar
Deuh narah, moal bade sadrah
Sok inggis Pamingpin palsu
Pakaya beunang titipu
Abdi rempan sieun jadi korban (aduh)
Abdi moal bibilasan

( 2 )
Daek milih ka Engkang, AHLI PIDATO
Deuh pertentang gandang, ku batur kajojo
Deuh ampun, sanes teu kayungyun
Sok inggis dirumah tangga
Pidato jadi “senjata”
Menta blanja dibere pidato (aduh)
Abdi moal mikasono

Ž( 3 )
Daek milih ka Engkang, KAPALA KANTOR
Deuh Engkang kawasa, mo aya nu negor
Deuh narah, moal bade leah
Song inggis diteler-teler
Sapedah manggih nu maher
Maen mata jeung Klerek wanita (aduh)
Abdi mah moal percaya

( 4 )
Daek milih ka Engkang, PEGAWAI TINGGI
Deuh gajih genep B, tuh mobil sayagi
Deuh narah, da abdi mah cacah
Sok inggis dikantun turni,
Teu betah calik di bumi
Geuning sering meninjau nguriling (aduh)
Tilu minggu tara sumping

( 5 )
Daek milih ka Engkang, SUDAGAR BEUNGHAR
Deuh keur lubak libuk, gedongna ngajajar
Deuh narah, moal tumaninah
Sok inggis rucah awuntah
Pakaya modal keur nikah
Popotongan di unggal pengkolan (aduh)
Hawa duit sok rayungan

‘( 6 )
Daek milih ka Engkang, PANGURUS PARTE
Deuh ngamudi ra’yat ku jalan nu hade
Deuh hamo, inggis pareng moho
Ti beurang Organisasi
Ti peuting Administrasi
Rumah tangga teu kapirosea (aduh)
Abdi bade ngemut heula

( 7 )
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN SENI
Deuh sohor kamsyhur jiwa nu “berbudi”
Deuh narah, sok inggis sarakah
Micinta kana sorana
Tungtungna ka jelemana
Seni swara jadi “seni mata” (aduh)
Moal aya nu mercaya

“( 8 )
Daek milih ka Engkang, LUITENANT SATU
Deuh sakeudeung deui promosi geus tangtu
Deuh narah, moal bade sadrah
Keur sare paur ngalindur
Ngabedil batur sakasur
Sareng rempan,sok  inggis rayungan
(aduh) Abdi moal nyaluyuan


( 9 )
Daek milih ka Engkang, KABAYAN LUCU
Deuh gajih mucekil ti dieu ti ditu
Deuh rempan, sok seueur alesan
Pajarkeun rapat di kantor

Sihoreng tos udar ador
Rek latihan, horeng “peperlipan” (aduh)
Bade ngemut heulaanan

( 10 )
ŒDaek milih ka Engkang, AGEN PULISI
Deuh tandang ngajaga, parabot sayagi
Deuh kapok, kapungkur paamprok
Nalika tumpak sepeda
Ditangkep taya hampura
Pedah sepedah, teu aya penengan (aduh)
Rupina moal laksana

ŒŒ( 11 )
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN KOMIK
Deuh Engkang popular, di barudak leutik
Duh rempan, inggis kasurupan
Ngadadak jadi Rahwana
Mucinta istri nu riba
Hayang ngapung ngudag-ngudag gelung (aduh) Abdi mah inggis kapahung

( 12 )
Daek milih ka Engkang, darah PATANI
Deuh beunghar ku beas, henteu kudu meuli
Duh risi, inggis kurang aksi
Panganggo baraseuh ngucrak
Jareblog pinuh ku leutak
Artos ijon, inggis moal cumpon (aduh)
Hirup hamo bias jongjon



ŒŽ( 13 )
Daek milih ka Engkang, WARTAWAN LEUTIK
Deuh beunghar kanyaho social politik
Duh rempan, inggis hese jajan
Sanajan vulpen na tembong
Dirampa kantongna kosong
Cari b’rita, mindeng jalan kaki (aduh)
Abdi moal bade nampi

Œ( 14 )
Daek milih ka Engkang, JAGO BADMINTON
Deuh mun geus bayangan, Sonneville ge kawon
Duh ajrih, inggis henteu tanjrih
Siang jeung wengi amengan
Badminton kamalinaan
Meser reket, prima kualitet (aduh)
Rumah tangga kurat-karet

( 15 )
ŒDaek milih ka Engkang, DALANG PERTENTANG
Deuh teu boga hutang, sabab loba nokang
Duh duka, teu matak kabita
Payu ge sok mawa curang
Ka unggal Pasinden hayang
Anu lengoh henteu kaop bongoh (aduh)
Abdi mah moal karooh

( 16 )
Daek milih ka Engkang, ELIT PARLEMEN
Deuh hasil pilihan ngajadi “gegeden”
Duh ampun, moal kumawantun
Geus hasil inggis ngahenen
Ka nasib ra’yat teu open
Ra’yat sedih tetep elih-elih (aduh)
Abdi oge ngiring sedih

Œ’( 17 )
Daek milih ka Engkang, OMROEPER RRI
Deuh soara ngoncrang, pinuh ku pangarti
Deuh sidik, gajihna saeutik
Mending ge ka tukang Goong
Gamelan Studio Bandung
Timbul cinta, mun katingal harta (aduh)
Moal waka nyebat “mangga”



26. JALAN & KOTA

( 1 )
 Sapatu coplok hakna, dikalipsol tohaga
Make paku handapna, jalan ruksak
Tumpak beca pelesiran
Diuk ungkleuk-ungkleukan
Gubag-gabig muatan
Jalan ruksak

Bandung kota kembang, harurung harerang
Jalan gede leutik, piraku teu wareweg
Jalan ulah jeblog, tong ruksak taregtog
Beca delman gumbira
(geuning) malayar pajeg

( 2 )
Jalan-jalan diatur, sina herang ngagenclang
Tisoledat nu leumpang, jalan kota
Nu daragang diatur
Ulah maser di jalan
Bere tempat nu sopan
Kota resik

Berjuang keluar
Siasat nu jembar
Tapi ulah lali
“perjuangan kedalam”




27. JALAN  NONGGOH  CIPAGANTI
Wahyu Wibisana

Mun kangen geus ngajak tepung
Jalan nonggoh Cipaganti
Pamepes panglipur gandrung
Moal weleh kapiati

Na iuh-iuh kakayon
Jalan nonggoh Cipaganti
Kapireng hariring halon
Ti manehna nu keur nganti

Na sela-sela ki hujan
Jalan nonggoh Cipaganti
Katembong nu ngagupayan
Lumenyap rasaning ati

Kuma hate teu rek nineung
Da tineung menta pajeueung
Imut bulan keur tumanggal
Panon lemu lindeuk gupay

Kuma hate teu rek deudeuh
Da deudeuh geus teu kaampeuh
Hayang panggih jeung nu jangji
Nu jangji di Cipaganti

Mun kangen geus ngajak tepung
Jalan nonggoh Cipaganti
Lagu gandrung Arum Tanjung
Manehna tangtu keur nganti

Bandung, 4 Juni 1960
6 Juli 1960





28. J A L I R
S A R
Œ
( 1 )
Tuh panonpoe saksina
Jeung alam katut eusina
Malah bentang anu peuting
Baranang gigireun bulan
Pada milu mencrong melong
Kabeh pada nyaraksian
Pada milu mencrong melong
Kabeh pada nyaraksian

Basa manehna keur wakca
Ngedalkeun eusi hatena
Kuring kapaksa percaya
Masrahkeun raga jeung nyawa
Hate katut jeung eusina
Walungan jadi saksina


( 2 )
Mun angin bisa nyarita
Manehna tangtu balaka
Pan manehna nu harita
Galindeng mawa subaya
Ngukir jangji jeung pasini
Reka basa rungga renggi

Padahal surya can robah
Bentangna nu eta keneh
Bulan purnama can ingkah
Langit tetep teu marudah
Nu geus jangji henteu tigin
Nu subaya geuning jalir

Ž
( 3 )
Cing alam anu nyaksian
Yeu kuring menta bantuan
Pangjugjugkeun sing kateang
Eusi hatena rampaan
Sugan bisa diteuleuman
Kuring nunggu kaputusan

Mun manehna mulang deui
Pok mawa putusan jalir
Mupus pasini nu tadi
Kuring moal arek aral
Moal baha kana kadar
Rek tumamprak kana takdir

Bandung, 1 Juli 1959



29. J A T I L U H U R
Agus Sur
Jatiluhur titinggal para karuhun
Kiwari ganti wandana
Leuh… geus jadi dayeuh

Demi hirup jeung huripna
Demi hirup jeung laguna
Citarum sing jadi arum
Tirta wening kahirupan

Jatiluhur hirup nanjeur dina galur
Langitna ngembat rumpaka
Leuh… puseur kadeudeuh

Jatiluhur dayeuh urang
Jatiluhur ngan keur urang
Dibungkus sewu turunan
Ngundeur geugeut kalangenan

Muga-muga carita ieu sing lana
Tada teuing gemah ripah Nusantara
(deuh) adil mamur laksana sakur pamenta
Meureun reugreug nagara katut rayatna

Bandung, 27 Pebruari 1962



30. K A M U N I N G
Wahyu Wibisana

Kamuning
Ligar di taman hiang
Kalangkang asrining purba
Pajajaran na ciptaan

Kamuning
Asri’na puspa putih
Dalinding wangi bihari
Arum sanggul Citraresmi

Kangen kuring kanu anggang
Kamuning tanda subaya
Dipetik bulan kamari
Duh….. wangi

Puspa wangi Kamuning tanda subaya
Kembang kusuma hiang
Dalinding wwangi ati
Pameunteuna kapiati


Bandung, 26 Mei 1961

31. KARATAGAN   DIVISIE SILIWANGI

Œ
Dangah gagah, hijrah rongkah
Gerak “Long March” Siliwangi
Henteu geumpeur, teu galideur
Najan nyanding korban bakti
Kariweuhan – kaonaran
Disangga ku katabahan
Henteu ringrang teu honcewang
Ngabela kamerdekaan
Duh Siliwangi
Tanjrih perihna berjuang
Tawekal bebela teu aral subaha
Rela ngagem pancen, deuh! Pantrang wangkelang

Ž
Siliwangi dharma bakti
Pinuji unggul darajat
Kaamanan – pangwangunan
Digarap sumanding ra’yat
Ngagem ajen geten titen
Jeung ra’yat sabilulungan
Nagri subur rayat ma’mur
Tujuan karaharjaan
Duh Siliwangi
Nungtut elmu nambah hojah
Nyebarkeun atikan, museurkeun latihan
Ngisat nguji diri, deuh! Teu bengkok sembah

Siliwangi ahli bakti
Ngabdi ka Ibu Pertiwi
Tegang pati lali rabi
Ngaraksa ngabela nagri
Siliwangi titi surti
Tigin yakin ka salira
Pantrang baha ngijing sila
Ngagem dasar Pancasila
Duh Siliwangi
Hamo sungkan bibilasan
Angkara durjana
Nu ngancam nagara
Putra Siliwangi
Deuh saged ngayonan
Bandung, 2 Mei 1961






32. KARATAGAN   KUJANG  PUTRA
RE Hidayat S

Kujang Putra beungkeutan urang
Pamungpungan nonoman sirung harepan
Kujang Putra tandang bajoang
Ngangkat ajen seni budaya ka-Sundaan

Kujang Putra beungkeutan urang
Pangipukan andelan kusuma bangsa
Kujang Putra pantrang honcewang
Ngagem pancen ngangkat darajat Ki Sunda

Kujang Putra, Kujang Putra
Muga hirup jeung huripna
Dirgahayu Kujang Putra
Dirgahayu keur Ki Sunda
33. KARATAGAN   PAJAJARAN

Œ
PAJAJARAN
Universitas di Bandung

Pajajaran lambang kamajuan
Panaratas jalan narawangan
Pajajaran panyungsi pangarti
Sajatining harti nu hakiki

Pajajaran tempat nyiar elmu
Ngagayuh panemu nu saestu
Pajajaran mupuk kamekaran
Budi jeung pikiran kaahlian


Pajajaran kagurnita
Sekar Arum kaagungan lemah cai
Hibar sinar Nusantara
Tuduh jalan para seuweu-siwi Nagri


PAJAJARAN
Universitas di Bandung

Pajajaran jadi panyileukan
Jiwa nu ngukuhan kaluhungan
Pajajaran ngipuk jiwa sukma
Pahlawan nagara Indonesia

Pajajaran lir cahaya gumilang
Nyingraykeun panghalang alam padang
Pajajaran mancarkeun komara
Ka mancanagara sabuana
Pajajaran pancen dharma
Gemet getem ngalaksanakeun tujuan
Cita-cita nusa bangsa
Panteng keyeng mikangen karahayuan

Catetan:
Minangka panganteb kana jiwa ieu lagu (illustratie) aya saena upami pangkatna dipayunan ke “sekar macapat” anu nganggo rumpaka:
“Pajajaran tilas Siliwangi
Wawangina kasilih jenengan
Kiwari nya dayeuh Bogor……………….”

Bandung, 2 Pebruari 1961




34. KARETA  API

Œ
( 1 )
Mapay erel jalan anu tangtu
Ngagem pancen rintih nya lumaku
Handaruan jalan muru waktu
Ngatur kacepetan teu ngawagu

Ngageleser maju lalauan
Beuki lila jalan, ngagancangan
Taat galideur kreta api khusu
Taat kumawula kana waktu

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

-          Karcis nona perlihatkanlah padaku!
+ Mangga kasanggakeun sadayana tilu
-          Kenapakah ini hanya ada dua?
+ Bapa mah ngabohong, kapan eta tilu
-          Duh nakal! Tuh lihat!
          Karcis yang ketiga, tuh! Kartu domino
+ Rumaos hilap, artosna teu cekap
Badi mayar dengdaan, engke tos tutup bulan

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah


( 2 )
Setatsion dipapay taliti
Anu naek turun ganti-ganti
Dina bordes ribut balawiri
Panumpang paciweuh, napsi-napsi

Turun unggah panumpang pajejel
Sawareh hayang pacekel-cekel
Nunggu rintih beresna panumpang
Kareta ngadago teu hariwang

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

-          Naek kreta masuknya dari jendela!
+ Kapan ngarah salse milih pangdiukan
-          Kenapakah tidak melalui “bordes”
+ Kapan pasesedek, di “bordes” teu aman
-          Duh nakal! Duh nakal!
          Nona harus turun dan bayar dendaan
+ Eta mah gampil, dengdaan dicicil
Turun ayeuna kagok, mending caket rorompok

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

Ž
( 3 )
Tanggung jawab kapala statsion
Nyekel tanda beureum dina peron
Kreta api maju lalaunan
Ngahoang disada handaruan

Pa Kanektur ngatur kaberesan
Sakumna panumpang dititenan
Dipariksa karcisna taliti
Tata tertib diatur taliti

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

-          Siapakah yang empunya anjing ini
+ Ieu anu abdi anjingna satia
-          Untuk anjing sedia tempat yang khusus
+ Sawios di dieu moal ngegel Bapa
-          Duh nakal! Duh nakal!
          Nona harus lekas membayar dendaan
+ Taya dengdaan, teu aya penengan
Taya rante brongsong, inggis anjing dieurad

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah


( 4 )
Mapay erel jalan nu tangtu
Ngagem tugas rintih lumaku
Ngadius jalan mangprung
Tabah teu ngawagu

(ngadius kreta api, jalanna ati-ati)
Teu galider lumaku khusu
Teu bosen bengbatan
Ngabdi kana waktu

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

-          Siapakah yang narik erem-bahaya
+ Abdi tanggung jawab, Bapa ulah ngutruk
-          Harus bayar sekian puluh rupiah
+ Aya ge lippenstip jeung Kartu Penduduk
-          Duh nakal! Duh nakal!
          Apa sebab menarik erem-bahaya
+ Margi ngadadak, cilaka ngagentag
Gelung pedral tikait, coplok ngacleng kaluar

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah


35. K A S E H A T A N

Œ( 1 )
Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
  Sarat mutlak nu utama
(ma) Wajib diraksa (diriksa) ku sarerea (sakumna)
  Sangkan pinanggih waluya (jagjag waringkas)

Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
  Henteu kurang mangpaatna
(na) Masing taweksa (waspada) ngarariksana (sing nyata)
  Tan wande manggih nugraha

Hey! Batur jenuk di kampung-kampung di kota
  Masing waspada, mun gering hese ubarna
Lamun geus riupuh, badan diserang panyakit
  Ungkleuk! Ungkleuk! Ka Rumah Sakit
  Pa Dokter! Pa Dokter! Cobi abdi parios
  (terasna gunem catur : Dokter – Pasien)
RS: Sumangga ngiringan tumut nasehat Bapa


( 2 )
Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
  Perlu titen ngariksana
(na) Dunya barana (pakaya) taya hargana (teu guna)
  Mun badan kagunasika (teu sehat badan)

Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
  Luhur kuta gede dunya
(nya) Loba kaboga (pakaya) badan teu sehat (walurat)
Abisi pinanggih masakat

Hey! Balarea, basmi panyakit sing giat
  Sanajan gandang munteu sehat, teu mangpaat
Karasa ripuh nyeri huntu jeung gugusi
  Delman! Delman! Ka dokter gigi
Pa Dokter! Pa Dokter! Cobi abdi parios
(terasna gunem catur dr. Gigi – Pasien)
RS: Sumangga ngiringan tumut nasehat Bapa
ŽKasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
  Ulah rek rasa mokaha
(ha) Kabersihan (titenan) kudu dijaga (piara)
  Kana diri sing rumaksa ( apik berseka)

( 3 )
Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
  Lamun geus gering saeutik
(tik) Gancang pariksa (sing titen) ka Poliklinik (sing gancang)
  Menta ubar jeung disuntik

Najan keur bungah, pikir pinanggih guligah
  Duh, nyeri dada, lantaran “Batuk berdarah”
Keur bungah oge, lain seuri, tapi ceurik
  Beca! Beca! Ka Poliklinik
Pa Dokter! Pa Dokter! Cobi abdi parios
  (terasna gunem catur Dokter – Pasien)
RS: Sumangga ngiringan tumut piwejang Bapa



36. K A S E N I A N

( 1 )
ŒKasenian miwanda kreasi anyar
Mindeng kamalinaan kuma ceuk ramena pasar
Lagam India, Senggol Malaya
Dicampur disusun,
Dipirig gamelan Sunda
Sakapeung diibingan, sakapeung dijogedan
Kawih Sunda nyanding musik, kawih musik ku gamelan
Pelog jeung Salendro nyirorot kurang pasaran

( 2 )
Kasenian jalan kalemesan jiwa
Jalan tarahal nanjak, pinuh gogoda rancana
Napsu birahi jeung leumpeuh yuni
Mun hese dibendung, seni tanwande mateni
Miasih nu keur ngawih,
Mieling nu keur ngibing
Lucu ku karya senina, disambung ku perkenalan
Medan seni musna diganti ku “peperlipan”

Ž( 3 )
Kasenian bersifat “non coumercieeel”
Bukanlah jual beli, tapi perhitungan adil
Ongkos latihan, ongkos hiasan
Ongkos ini itu, jumlahna rada lumayan
Ditambah uang suka,
Keur lipstik oge perlu
Ongkos keur administrasi, bayar komisi jeung catut
Reken total jendral, cukup keur meuli treuk butut

( 4 )Kasenian sakapeung turun komara
Dipake “cari untung” kunu jadi “perantara”
Ku propaganda, ku adu harga
Untung zonder modal keur kantong “anemer seni”
Teu kudu ilubiung,
Teu kudu milu manggung
Datang masrahkeun rombongan, bari nampa pembayaran
Anemer mucekil ku karya para seniman

( 5 )
Kasenian nyawang nyipta kaendahan
Pangrungu jeung paninggal mibutuh kasugemaan
Sora halimpu, imutna lucu
Dipandang disawang timbul inspirasi baru
Garapan reureujeungan
Latihan rerndengan
Daya cipta jadi suda
Kreasi mandeg kapahung
Leungit inspirasi
Timbul hasrat hayang nyandung






Bandung, 30 Agustus 1963


37. KIDUNG  BANDUNG
Œ
( 1 )
Kota kajojo pisan
Ku ra’yat ungal lapisan
Bandung kota Priangan
Narik ku karamean
Meletna ku karesikan
Bandung kota Priangan
Bandung direka-reka
Niron kota Amerika
Bandung kota Priangan
Deungeun pinter ngaturna
Piraku urang teu bisa
Bandung kota Priangan

Sasakala Bandung Sangkuriang
Dina keur dibobodo sulap ku boeh raring
Waktu keur ngabendung situ kaburu beurang
Pugag nandangan wiwirang
Aduh Bandung narik perhatian
Pedah kota dilingkung gunung, hawa sedengan
Hawa narik asih, seger keur kasehatan
Pada muru ngajugjugan

( 2 )
Setrat jeung jalan-jalan
Dililimit diherangan
Bandung keur diomean
Tong wungkul diaspalan
Rek dibeton sakalian
Bandung keur diomean
Imah panggung dipager
Dibeberes dibebener
Bandung keur pembangunan
Jaga mah gedong marmer
Dipasieup Wolkenkraber
Bandung keur pembangunan

Tingrunggunuk Bandung nyanding gunung
Dayeuh lega tur endah resmi heurin ku tangtung
Hegar ngagulidag wahangan Cikapundung
Ngandung sajarah linuhung
Aduh Bandung hareurin ku tangtung
Tempat keur pangungsian jalma ti kampong-kampung
Kota pinuh sesek hareurin tempat mungpung
Pangbeberah nu keur wuyung
Ž
( 3 )
Angkeub luhureun kota
Ngaguruh kapal udara
Bandung keur pembangunan
Ti lengkong ka jamika
Ngabonceng kapal udara
Bandung keur pembanguan
Kretek beca jeung delman
Kusirna jag amah dangdan
Bandung keur pembangunan
Didasi disetelan
Nyupiran seprolet sedan
Bandung keur pembangunan

Bandung jadi catur kacapangan
Kota nuju ngawangun ngeusi kamerdekaan
Gedong jalan-jalan lucu sieup sinaran
Bandung kota Priangan
Aduh bandung tempat pelesiran
Beunghar ku pamandian resik jeung patamanan
Mashur Cihampelas endah jeung Situ Aksan
Keur mungkurkeun kasukiran

( 4 )
Di statsion rariweuh
Konektur mungguh paciweuh
Bandung keur pembangunan
Panumpang milih keukeuh
Kareta di jero taneuh
Bandung keur pembangunan
Buruh leutik garandang
Imahna gedong caraang
Bandung keur pembangunan
Hirup cukup tur senang
Palias teu mikir hutang
Bandung keur pembangunan

Hurung herang Bandung tempat midang
Tamu ti sakuliah Nusa pada daratang
Pada nyandak mobil sedan baranang siang
Aduh Bandung tempat midang
Hurung nangtung Bandung siang leumpang
Pusat kota raresik sari lir taman kembang
Kota narik asih taman endah caraang
Aduh Bandung tempat midang

( 5 )
Buruh leutik marahi
Teu ngarepkeun distribusi
Bandung keur pembangunan
Udud hayang kumaki
Surutu saringgit hiji
Bandung keur pembangunan
Nyuluk jeung poni ceuyah
Gelung pedral unggal sirah
Bandung keur pembangunan
Ma’Koki jadi mewah
Make heskut jiga jubah
Bandung keur pembangunan

Hurung herang Bandung tempat midang
Lampu di jalan ngebrak kawas beurang
Hegar pangbeberah manah nu nuju bingbang
Aduh Bandung tempat midang
Hurung nangtung Bandung siang leumpang
Mobil sedan pating gurilap herang ngagenclang
Sieup nu tunggangna, lucu sami garandang
Aduh Bandung tempat midang


38. KOPERASI

Œ( 1 )
Hiji syarat pikeun kama’muran nagri
Persatuan Buruh Dagang reujeung Tani
Sauyunan gembleng tekad saati
Sabeungkeutan repeh rapih ngahiji
Ngahadean jalan ekonomi
Ngatur dina wujudkoperasi
Perbawana resep apik kana rijki
Hiji jalan utama (geuning)
keur rikrik gemi

Alok :
Rahayat sabilulungan ngahiji
Ngawujud hiji Badan Koperasi
Anggota diwangun ku para umpi
Latihan ngeureut miceun rikrik gemi

( 2 )
Taya deui nya ku jalan babarengan
Ngeureut miceun nyengcelengan rereongan
Meuli andil uang pangkal cumponan
Dikuatan modal pausahaan
Usaha keur urang sarerea
Keur sing saha nu jadi anggota
Kahareupna tina pangasilanana
Kabeh bisa kabagi (geuning) rata walatra

Alok :
Ray beurang ganti poe datang bulan
Teu kendat direwong ku kaperluan
Bahruteng diijir teu weleh sungkan
Jampena Koperasi tohagaan





Ž( 3 )
Jaba pikeun kauntungan kahareupna
Bisa mayeng sugrining para anggota
Kacumponan keur kaperluanana
Barang-barang eukeur sapopoena
Kaperluan bisa katedunan
Keur tunggara bisa katulungan
Bula beuli sulang selang kacumponan
Ti Koperasi urang (geuning)
harga entengan

Alok :
Diitung gajih teu weleh honcewang
Dibagi tilupuluh tetep kurang
Paksakeun misahkeun keur koperasi
Didikan resep apik kana rijki

( 4 )
Memang gede paedahna Koperasi
Ku rahayat geus kauji jeung kasaksi
Babarengan nguatan ekonomi
Sumbur ma’mur ra’yat katut Nagari
Pareng lamun ekonomi sehat
Ra’yat menyat nagri pasti kuat
Ku kituna pinasti unggah darajat
Dipercaya ku deungeun (geuning)
pada ngahormat

Alok :
Geus asup anggota ti Koperasi
Setoran dicumponan jeung gumati
Ngeunahna laun-laun ge karasa
Sihoreng gajih ge geuning te nyesa



39. K R I D A

ŒUnggal Saptu khusu satuhu
Nempuh Krida di sakola
Nambah hojah, elmu panemu
Meuseuh diri nu sampurna

Krida – Krida
Nyampurnakeun atikan
Krida – Krida
Mupuk jiwa Pahlawan

Unggal Saptu nempuh latihan
Dina widang kasenian
Olah raga bareng garapan
Karya kamerdekaan

Krida – Krida
Nyampurnakeun atikan
Krida – Krida
Mupuk jiwa Pahlawan

ŽDaya Krida sanggup nyumponan
Atikan kapribadian
Na raraga hojah usaha
Wujudna “Panca-Wardana”

Krida – Krida
Nyampurnakeun atikan
Krida – Krida
Mupuk jiwa Pahlawan
Bandung, 8 Nopember 1961


40. LALAKI  PAJAJARAN
Agus Sur

Lampung jambulna geus undur
Gelap Nyawangna geus miang
Kidang Pananjung ditundung
Ngantun dayeuh Pajajaran

Suwung lagu juru pantun
Sepi gending suni dangding
Pajajaran samagaha
Pajajaran kaleungitan

Kiwari nitih wanci
Lalaki Pajajaran
Datang deui, Juragan
Tatandang deui
Datang berjuang
Gandang pertentang
Tihothat tatandang

Ayeuna datang mangsa
Lalaki Pajajaran
Ajeg deui, Juragan
Gulungtangan tandang deui
Ajeg samakta deui

Raga sukma pinuh tangtungan ageman
Kula datang gaganti nu lawas ilang
Demi bumi wujud aheng Pajajaran
Demi ajen galeuh agung Pajajaran

Bandung, 20 Juni 1960





41. L A M U N A N

Œ( 1 )
Lamun beunghar entong kapalang
Lalugina taya kakurang
Pasti cumpon kabeh kahayang
Henteu kudu hese berjuang
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Kemis, Jum’ah, Saptu, Minggu
Unggal poe ganti baju
Unggal poe jadi ratu
Unggal poe tolak ruju

(  2 )
Lamun pareng jadi nu kaya
Ngatur ngolah dunya barana
Pamaksudan kabeh laksana
Ngumbar napsu nganteur panggoda
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Hiji, dua, tilu, opat
Loba jalma nu ngahormat
Loba jalma jadi sobat
Loba nu sirik nu hianat

Ž( 3 )
Lamun beunghar entong kapalang
Cita-cita kabeh kasorang
Reugreug pageuh moal salempang
Teuneung ludeung gandang pertentang
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan

Manis, paing, wage, kliwon
Unggal pasaran geus cumpon
Unggal waktu p’lesir jongjon
Unggal waktu angkat nongton

( 4 )
Luhur pangkat pada ngajenan
Unggal waktu nampa laporan
Ka bawahan mahal pujian
Talang tulung zonder buruhan
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Maret, April, Mei, Juni
Unggal bulan gajih mahi
Loba ngahutangkeun budi
Loba “tanda trima kasih”

( 5 )
Luhur pangkat sieup ku pamor
Tumpak sedan indit ka kantor
Mun di kantor taya nu negor
Ka bawahan gawe sesengor
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Satu, dua , tiga, empat
Unggal taun naek pangkat
Kabeh pagawe ngahormat
Sakapeung loba nu jilat

‘( 6 )
Luhur pangkat gede kawasa
Rukal rikel nyusun rencana
Mundar mandir manca nagara
Ujag-ajig rapat sawala

Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
One, two, three, four, five, seven
Diajar Inggris rek temen
Arek hirup sing modern
Sangkan ku dunya ka angken

’( 7 )
Lamun beunghar tembong komara
Hirup royal tambah sugema
Arek ngirit dunya barana
Malar reugreug numpuk pakaya
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Sawal, Hapit jeung Rayagung
Unggal bulan luntang lantung
Unggal bulan ngeduk untung
Kawin deui “boleh langsung”

Sapar, Mulud, Sawal, Hapit
Muhit duit jeung ririwit
Unggal bulan ngeduk duit
Unggal bulan “Rumah Sakit”

One, two, three, four play forty one
Basa Inggris tatambalan
Sok hirup roroyalan
Nyebar mencar popotongan
Bandung, 18 Juli 1961




42. LANGIT  CEUDEUM


Langit ceudeum kulawu
Nungkup alam marcapada
Duh ieung !

Langit ceudeum kulawu
Nungkup tangtung murba raga
Duh ieung !

Langit ceudeum kulawu
Nungkup kalbu murba rasa
Duh ieung !

Na dimana alam kuring
Tangtung kuring rasa kuring
Kuring pangling kuring pangling
(duh) langit pangling

Bandung, 13 Juli 1961


43. MALATI  DI  GUNUNG  GUNTRUR
Wahyu Wibisana

Malati di gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sesetraning rasa
Jadina dina mumunggang – Leuweung larangan

Malati di gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Beja geus aya nu boga
Ngahaja melak di dinya – para Guriang

Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu meutik
Duka ku saha

Kamari jol aya beja
Malati ratna mumunggang
Majar can aya nu metik
Duka ku naon

Malati di gunung Guntur
Ligar dina panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh – Biheung kadongkang

Bandung, 9 Desember 1963

30 Januari 1964



44. M A L I N D E S

( 1 )Œ
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek sina mikiran soal pembangunan
Leuh pantes bodo pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

+ Ieuh nyai geura lalilir
Jiwa lampah kudu digilir
Entong wungkul sukan-sukan
Kapan geus waktuna pembangunan
Na da ieu ge teu keur sare
Jiwa sareng lampah nu kumaha
Ari kitu
Lah bisa we ka batur mah

-       Hoyah Bapa licik sorangan
Geuning lucu seueur alesan
Pajar nempuh pembangunan
Sihoreng teh ngatur pangulinan
Ari taeun teh licik kumaha
Alesan palebah manana

Ari kitu

+Najan ulin ngandung maksud
-    Maksudna nungtun ramijud
+Ulin soteh keur usaha
-    Usaka keur suka ria
+Nyai oge geuning ningkah
-    Da bongan bapa sarakah
+Gampang nuduh
-    Bapa oge angkuh, kabisa ulin teu puguh


( 2 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nyoba dijajal tina hal social
Leuh pantes taya akal
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

+ Nyai masing daek sosial
Amal hajat rijki nu halal
Entong nurutan barudak
Datang nu musapir dibuburak
Kapan kamari ngajajanan
Lah, na aya halon kakupingna
Na kumaha?
Eta mah ngabuburak hayam

-       Ieuh naha bapa uninga
Tadi kadongkapan tatangga
Beas bagian manehna
Ku bapa diringkid sadayana
Na aya peristiwa naon
Tatangga! Rek naon cenah

Ari kitu

+Rek social pangnebuskeun
-    Tapi teu terus dibikeun
+Saenyana bapa butuh
-    Tapi tatangga nu ripuh
+Geuning Nyai ku usilan
-    Da bongan dimimitian
+Bapa ambek
-    Abdi oge ambek, da bapa koret jeung hawek

Ž
( 3 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nyoba diuji, soal Ekonomi
Leuh pantes moal ngarti
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

+ ieuh Nyai masing parimpen
Duit kudu mayeng disimpen
Nyimpen kakara saratus
Tapi maksa nganjuk tujuh ratus
Kantenan we
Unggal sasih ge nyengcelengan
Ari kitu?






-       Hoyah bapa oge osok curang
Nyumput nimbun barang digudang
Kajeun ra’yat kalangkabut
Ngelemet dijual harga catut
Ah gagabah teuing,
Sasalinkeran soteh, sieun polisi
Ari kitu


+Kapan taktik cari untung
-    Tapi ra’yat jadi bingung
+Ekonomi dikuatan
-    Bapa nu untung sorangan
+Nyai oge resep nganjuk
-    Kapan kabutuhan numpuk
+Kudu perih
-    Beuteung peurih, katambah loba nu nagih


( 4 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nanya sing telik tina hal pulitik
Leuh pantesna the ceurik
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

+ Nyai kudu ngarti pulitik
Buku-buku perlu diulik
Pulitik kanagaraan
Tong disarwakeun jeung kacantikan
Pulitik dapur mah ngartos
Lah teu ari, mending maca komik
Adikumahakeun
Bias sorangan bapa mah

-       Ieuh bapa pinter ngan licik
Taktik telik ngulik pulitik
Turta ngarti ngan meueusan
Tapi nu dierong kadudukan
Licik kumaha
Puguh we, da tepi ka rieut jangar
Ari kitu?

+Kapan hayang bela ra’yat
-    Da ra’yat tetep masakat



+Hirup leutik kudu tuman
-    Perlu ku Bapa contoan
+Bapa kungsi dahar “singkong”
-    Tapi jeung kiju mantega
+Entong loba ngomong
-    Ulah songong sombong, ditambah jeung gede bohong


( 5 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Sina ngamanaan soal Persatuan
Leuh pantes tolol pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

+ Ieuh Nyai kudu bersatu
Sangkan nagri kuat tur maju
Ulah pedah teu nyambungan
Geuning jeung
tatangga mumusuhan
Kantenan we, supados teguh
Kadangkala irian ge tiasa karebut
Haar na kumaha kitu

Sanes musuh, isin patepang

-       Euleuh bisa wae pidato
Geuning tadi bapa kapergo
Silih cakar jeung geureuha
Bongan lami teuing di nu ngora
Tukang anjuran tea..
Euh, basa di imah tea
Ceuk saha?

+Latihan keur persatuan
-    Latihan panyerewedan
+(da) teu ngalawan ukur nyentak
-    Tapi make surat talak
+Kapan isuk rek diruju
-    Persatuan cala-culu
+Persatuan
-    Geuning perceraian, tungtungna awut-awutan


45. M A N G L E

Œ( 1 )
Lamun urang sok leukeun
Asak jeujeuh jeung pakeun
Pinter ngeureut jeung miceun
Pikahareupeun
Lamun dipitumanan
Jadi kabiasaan
Nyencelengan bulanan
Tong resep jajan

Ulah rek salempang, jaga bisa senang
Moal ngabarungsinang, deuh! Cumpon kahayang
Lamun geus ngalemah, nyimpen teu percumah
Ngumpul duit sok bungah, (geuning) hate guligah

( 2 )
Rikrik gemi mangpaat
Moal susah masakat
Nyengcelengan teu kendat
Unggah darajat
Mangpaatna nu jeujeuh
Moal ireng taligeuh
Pake hade tur pageuh
Dahar ge seubeuh

Laku bibirintik, sautak-saeutik
Nungtut nyimpen sing rikrik, Leuh! Sok boga milik
Patani marukti, padagang sarenang
Sudagar balalenghar (geuning) ku rikrik gemi

Ž
Ngitung harta biasa
Riweuh ngatur pakaya
Kandel dunya barana
Lampah nu kaya
Loba kanca daratang
Ngadeukeutan nu senang
Hayang cumpon kahayang
ngabarungsinang

Nu kenal meueusan, panggih lalantangan
Mun dikemat ku harta, tuh! Popoyongkodan
Ngomong pangoloan, muji pangaleman
Sangkan kabagi harta, (geuning) kabalateran

( 3 )
Datang maksud sarakah
Hayang rucah awuntah
Henteu mikir kasusah
Perbawa harta
Henteu lebar dipiceun
Henteu seber ku dunungan
Henteu rempan teu sieun
Perbawa harta

Rasa gede harkat, jeung luhur darajat
Ku batur dipiserab, leuh! Dihormat-hormat
Rasa lalugina, rasa laluasa
Sagala kumawasa, (geuning) perbawa harta


Jauh-jauh dijugjug
Anggang-anggang diteang
Nitih wanci nu mustari
Kana festival
Henteu inggis ku bisi
Henteu rempan ku sugan
Teuneung ludeung Pamuda
Indonesia

Karukunan bangsa, karapihan dunya
Tujuan nu utama, keur kabeh pamuda
Raket sabeungkeutan, silih pikaheman
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun, hirup sabilulungan

( 4 )‘
Kabeh nagri sadunya
Ngutus para pamuda
Sikep saged tohaga
Kana festival
Rasa sadar sumerep
Gembleng tekad jeung karep
Sauyunan karesep
Dina festival

Sakumna nagari, nitenan taliti
Saluyuna pamuda, tuh! Dina festival
Dasar gotong royong, persatuan tembong
Kabeh bangsa rumojong, hurip Panca Buana

46. MIKANGEN  TENGTREM

Œ( 1 )
+
-
+
-
+
-
+
-
Yu ka landeuh
Ah embung bongan loba careuh
Atuh hayu ka lamping
Ah embung sieun tanduk munding
Coba hayu ka landeuh
Asal bari dahar seubeuh
Geura hayu ka lamping
Asal nyanding eusi piring

-          Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
-          Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Ka landeuh abdi ngeureuyeuh, sok dapon nganteur beubeureuh
Ka lamping abdi rek ngiring, sok dapon nyanding nu ginding

Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang,
bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang


( 2 )
+
-
+
-
+
-
+
-
Yu ka landeuh
Ah inggis panggih jeung beubeureuh
Atuh hayu ka lamping
Ah inggis panggih jeung nu ginding
Coba hayu ka landeuh
Dapon hirup reugreug pageuh
Geura hayu ka lamping
Dapon hate henteu rungsing
-          Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
-          Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Ka landeuh abdi sok kanceuh, dipeuseuh kunu ngageugeuh
Ka lamping abdi sok gering, dirungsing beurang jeung peuting

Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang,
bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

Ž( 3 )
+
-
+
-
+
-
+
-
Yu ka lembur
Ah sok tagiwur dinu singkur
Atauh hayu ka kampung
Ah sieun lisung nu bangkewung
Coba hayu ka lembur
Asal campur jeung nu mashur
Geura hayu ka kampung
Asal ngindung ka pangagung

-          Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
-          Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Ka lembur abdi sok paur, ku bahya ditutur-tutur
Ka kampung abdi sok bingung, kareueung inggis kapahung

Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang,
bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

( 4 )
+
-
+
-
+
-
+
-
Yu ka kebon
Ah sok kalebon ku kakayon
Atuh hayu ka sawah
Ah inggis payah loba lentah
Coba hayu ka kebon
Asal ngadon ngaso jongjon
Geura hayu ka sawah
Asal murah dahar ngeunah

-          Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
-          Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Ka kebon abdi teu jongjon, kaganggu ceuli jeung panon
Ka sawah abdi teu betah, da bongan sok digadabah

Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang,
bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

( 5 )
+
-
+
-
+
-
+
-
Yu ka leuweung
Ah osok keueung, cuang cieung
Atuh hayu ka reuma
Ah loba bahya tinu bala
Coba hayu ka leuweung
Asal ngeunteung kanu ludeung
Geura hayu ka reuma
Asal ngajak nu bumela

-          Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
-          Kadieu weureu seubeuh
+ Kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh


Ka leuweung abdi teu ludeung, pajeueung jeung bahya beuheung
Ka reuma sok ngarasula, kacipta bahya tumiba

Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang,
bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

‘( 6 )
+
-
+
-
+
-
+
-
Yu ka kampung
Ah embung jauh ka pangagung
Atuh hayu ka dayeuh
Ah embung, meuweuh nu talingeuh
Coba hayu ka kampung
Asal mendung make payung
Geura hayu ka dayeuh
Asal reureuh dahar seubeuh

-          Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
-          Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Ka kampung abdi kaduhung, ka duyung kunu dicindung
Ka dayeuh abdi sok kanceuh, kapeupeuh nu sawan-geureuh

Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang,
bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

Bandung, 19 April 1961





47. M U L A N G
Wahyu Wibisana
Ngumbara lila di bandung
Nyubadanan dunga Indung
Nelengnengkung nelengnengkung
Geura sakola di Bandung

Sok kangen ka liung gunung
Inget ka hariring indung
Nelengnengkung nelengnengkung
Poma rek poho ka indung

Duh, tuh lembur kuring
Nu sok kapieling
Mulang heula, mulang heula, deuh
Nya mulang ka pakandangan
Ka balepulang

Duh sawah tetelar
Nu sok matak kelar
Mulang heula, mulang heula, aduh
Nya mulang ka pakandangan
Ka balepulang

Duh pasir jeung leuwi
Nu sok kapiati
Mulang heula, mulang heula, aduh
Nya mulang ka pakandangan
Ka balepulang
Duh jalan nu ngembat
Nu matak tibelat
Mulang heula, mulang heula, aduh
Nya mulang ka pakandangan
Ka bale pulang

Ngumbara lila di Bandung
Bandung nu heurin ku tangtung
Tangtung panangtang tangtungan
Tangtungan diri sorangan

Sorangan nganclang di Bandung
Bandung pigeusaneun jucung
Jucung jucung nelengnengkung
Piraku poho ka indung

Bandung, 17-3-1962
4-4-1962


48. NGADAGO  PANEN
Dedy Windyagiri
Œ
( 1 )
Pare geus harayhay haleuang ti saung nenggang
Pesta dina ati, mapag poe nu dianti
Piit rabeng kokoprak talina ranteng
Bujang mojang gerah nyipta ibing panen

-  Geus panen kuring rek midang
Sugan ditaksir ki bujang

+ Geus panen kuring rek nganjang
Boga beja keur Nyi Lanjang

( 2 )
Mega langit paul kasawur haseup durukan
Awi kumolear angin turun ti mumunggang
Hawar-hawar kentrung lisung lagu gondang
Tutunggulan museurkeun kabeh kasuka

-  Hayang teh sing geura panen
Geus panen rek papanganten

+  Hayang teh singgeura panen
Geus panen arek masantren

Bandung, 10 Desember 1963



Tidak ada komentar:

Posting Komentar